BAYU
SUTA PAWANA
Banglus
lampahi pun Resi Dorna, kahiring hiji denawa anu kakasih lodra denta. Nampi
pancen ti Prabu duryudana pikeun ngempeulkeun sedanten para kurawa miwah
dewala. Nyaeta ngenaan kajadian nagara Astina.
Dorna : “Asep, Anger, Dipati Karna,
mangga sadayana kempel di paseban! Anger Lodra denta mangga
linggih-linggih-linggih”
Durgaladenta : “Rupina karempel ayeuna?”
Aswatama : “Sembah kapihatur paman.”
Dorna : “Mangga calik-calik!”
Karna : “Kumaha aya naon paman?”
Aswatama : “Mangga dipayun.”
Dorna : “Mangga linggih
heula!”
Kurawa samia merbayaksa,wentening paseban jawi, ya paseban.
Dorna :
“Adipati Karna, Jayarata, Aswatama, Citra Yuda, Kumiwah para Kurawa nu sasami
merbayaksa. Anu jadi sesepuh dina ieu riungan Resi Dorna kawuwuh hiji denawa
tur galadenta hiji kapercayaanna Raja Astina Prabu Duryudana. nganggih.”
Karna : “Kumaha paman? Aya
naon bae?”
Durgaladenta : “Nyanggakeun kasepuhan, mangga rupina
kasanggakeun kasepuhan, hahaha!”
Dorna : “Aih, Aa punten atuh
kapengkeran.”
Durgaladenta : “Mangga-mangga!”
Dorna :
“Wilujeng sumping Anger Dipati Karna ti Awangga, Anger Jayarata ti Wanakeling,
Satria Undara Lautan si cikal, Kurung si Bungsu, si Nunga nyaeta pun anak teh
nyaeta Asmawatana. Acungkeun leungeun ath Asmawatana. Keprok sadayana! Tah eta
pun anak teh. Benten tinu lian, Citra Yuda.”
Citrayuda : “Aing, aing!”
Dorna : “Da kitu jalama goreng hate
mah.”
Karna : “Kumaha paman?”
Dorna : “Ari emang teh gempungan nyaeta
ti karaton. Ari gempungan teh anu sarumping ti kasepuhan Resi Bisma. Patih Arya
Sangkuning Mangwidura, kalayan ieu kapercantenannana Anger Prabu Duryudana. Anu
eta dina gempungan teh nu disawalakeun teu kirang sareng teu langkung ngenaan
kaayaan Nagara Astina dina waktos ayeuna. Wirehna di Nagara Astina teh ka keunaan
ku krisis multi dimensi anu berkepanjangan. Kaharenghengan anu terus-terusan
teu reureuh-reureuh. kajadian, ti beulah wetan can rengse belah wetan, jelegur
belah kidul, can rengse belah kidul jelegur belah kaler, kajadianna kitu. Can
anu demo di belah kulon ting jarorowok can kaayaan biroaksi awut-awutan,
ekonomi ruksak, hukum pabeulit. Ku hal ieu nya Sang Nalendra Prabu Duryudana
teh panustrungan mah, yen Anger Prabu Duryudana teh ngimpen kitu tah. Kacau
balau Nagar Astina, harengheng ku dedengean masyarakat nagara ngabarudak.”
Karna : “Da leres paman.”
Dorna : “Can puser dayeuh ayeuna pinuh
ku PKL.”
Alo : “Naon ari PKL teh?
Dorna : “Pedagang kaki tujuh.”
Alo : “Pedagang kaki lima.”
Karna : “Yayayaya.”
Dorna : “Hese Pisan neangan kaindahan
kota teh, hese! Hilang kapercayaan rakyat ka pamarentahannana, krisis
kapercayaan. Ieu kaayaan di Nagara Astina luar biasa pajeujeut, pakusut,
samurawut, daerah kumuh dimana-mana, limbah dimana-mana, hah!”
Durgaladenta : “Leres paman.”
Karna : “Leres.”
Dorna : “Tuh mamala teu disiplin kabeh.
Ti mimiti raja, hampura yeuh hampura lain ngagogoreng Nagara Astina, raja,
pajabat Nagara Astina, rakyatna, kabeh urah salahkeun wae. Lamun nyalahkeun
saurang mah pipaseaeun, mending salahkeun kabeh. Sabab numutkeun elmu matemateke
...”
Jayarata : “Matematika!”
Dorna : “Ah enya enya elmu Matematika.”
Citrayuda : “Elmu mati-matian.”
Dorna : “Matematika! Itu positif dikali
positif sama dengan positif, positif dikali negatif sama dengan negarif,
negatif dikali negatif sama dengan positif, leres?”
Karna : “Betul!”
Dorna : “Saratus keur Karna! Bener kali
bener sama dengan?”
Karna : “Bener.”
Dorna : “Bener kali salah?”
Karna : “Salah.”
Dorna : “Salah kali salah sama dengan
bener. Tah eta! Lamun urang geus nyokot elmu matematika nu bieu dijalankeun
sapopoe bakal genah kana hate, tumaninah bakal merenah. Jadi lamun bener dikali
bener sama dengan bener. Tah nu bener mah dibenerkeun, bener kadituna. Mun
salah, salahkeun.”
Karna : “Bener kali bener sama dengan
bener.”
Dorna : “Nu bener kudu dibenerkeun itu
bener. Konsekwen dan mun salah, salahkeun itu bener.”
Jayarata : “Salah kali salah.”
Dorna : “Bener. Tah, jikalau orang salah
salahkeun itu benar. Kahartos? Benar kali salah, salah! Kumaha tah ruksakna
nagara teh didinya, nu salah dibenerkeun, nya atuh salah. Yang salah dibenarkan
itu salah.”
Karna :Oh eta...”
Dorna : “Kitu! Maling ngajak maling ka
kiayi, itu salah! Kalu bangsat ngajak maling ka maling, bener.”
Durgaladenta : “Bener naonna?”
Dorna : “Bener goblogna.”
Durgaladenta : “Yayaya.”
Dorna : “Tah jalan kaluarna urang
salahkeun heula sarerea, dimana-mana geus salah sarerea, nah di dieu arti
hakekat, arti dari reformasi. Re itu kembali bersikap ke semula, kembalilah
kepada fitrah manusianya. Itu jelas. ti mimiti raja nepi ka rakyat Nagara
Astina coba kembali kepada fitrah manusia itu hakekat dari reformasi. Kitu
numutkeun gempungan tadi. Jadi dibelaan ku sarerea. Nah panustrungan putusan raja
sudah ketok palu malah menyimpulkan ini sudah menjadi Undang-undang raja. Sudah
jadi Kepra, Kepra teh Keputusan Raja.”
Jayarata : “Leres kumaha paman?”
Dorna : “Nah raja itu mimpi, Raja Astina
ngimpen, ngimpenna Sang Nalendra teh bisa nagara balik kembali ke semula, bakal
dami jeung sejahtera tapi saratna di alun-alun Nagara Astina kudu ngaruang utek
Semar Badranaya jadi tumbal untuk Negara Astina ini supaya tentrem, raharja, di
alun-alun nagara harus nenem utek.”
Karna : “Saneh utek atuh otak.”
Dorna : “Nah otak Semar Badranaya. Nah
sadayana nuhunkeun saur manuk urang sampeur, ngajugjug nagara Amarta, kampung
tumaritis, urang menta utek Semar Badranaya. Satuju kabeh?”
Hadirin : “Yah bener akur-akur kabean.”
Karna : “Intrupsi!”
Dorna : “Mangga mangga mangga, kumaha
kumaha?”
Karna : “Pasihan kasempetan kaula pikeun
sasanggem.”
Dorna : “Silahkan.”
Karna : “Paralun, maklum kasuhun nu di
pabrik hapunten nuditeda, kaula Karna ku ngupingna ieu parantos jadi kaputusan
raja, kaula sangat teu satuju kana ieu kaputusan raja.”
Citrayuda : “Naha naha Karna?”
Jayarata : “Nya naha? Kapan ieu teh keur
kapentingansadayana.”
Karna : “Paralun maklum kasauhun ieu
leres parantos jadi kaputusan raja? Upami ieu parantos jadi kaputusan raja,
malahan parantos disatujuan ku para dewan?”
Dorna : “Parantos.”
Karna : “Dewanna meureun meunang
panyogok, dimana-mana aya laporan pertanggungjawaban raja ulah dijieun objek ku
aranjeun.”
Dorna : “Naha, nger?”
Karna : “Margi ieu teh bakal ngarugikeun
salah sawios. Naha emut?”
Dorna : “Ke ke ke! Ieu keputusan raja.”
Karna : “Tiasa soteh keputusan raja
diguguh ku sadayana upami ieu kaputusan raja teh keur kapentingan nagara,
bangsa katut hirup jejeg dina agamana. Tapi upami ieu kaputusan raja matak
ngarugikeun nagara jeung bangsa, matak ngaributkeun, matak jadi mamala antawis
nagara ka nagara tiasa gempungan deui, tiasa musyawarah deui anu mufakat
milarian deui jalan kaluarna. Margi ieu bakal aya mamalaanu teh hade paman.”
Dorna : “Mamalana naon?”
Karna : “Punten, Semar teh rakyat
Amarta, paman. Teu mungkin pamarentah nagara Amarta bakal mikeun rakyatna,
upami urang maksaa sadayana, menta otak Semar Badranaya ngandung harti
pamarentah nagara Amarta moal satuju anu mamala bakal bodeng aeweng antawis
Astina jeung Amarta. Dimana perang antara nagara jeung nagara anu ruksak
rakyat, ekonomi bakal leuwih ruksak. Malah ieu teh bakal nimbulkeun korban,
paman upami kajadian perang ti nagara ka nagara tingali nagara-nagara anu sejen
nu korban nu leutik nu teu mais teu meuleum. Encan upamiperang nagara Astina
bakal kualisi jeung raja-raja anu sanesna. Amarta ge kitu deui, yakin bakal
jutaan jalma nu jadi korban tina pasoalan ieu otak Semar. Hapunten hapunten
hapunten, tiasa gempungan deui. Kaula teu satuju upami negara ditumbalan ku
otak Semar Badranaya. Kajaba urang Astina parantos mikir dina agamana, margi
ieu teh mangrupakeun falsafat, urang sadayana salaku manusa diwajibkeun
tafakur, tadzakur jeung tasyakur lain ngandung harti utek Semar Badranaya diala,
dibunuh, kulawarga Semar saeutik gedena moal ngeunaheun.”
Alo : “Tapi...”
Karna : “Tapi ieu teh urang Astina
sadayana upami nagara Astina palay panggih jeung katentreman ieu nagara coba
pola pikirna cara Semar, pake pola pikirna paman... semar teh sem
pengangken-ngangken mar menyemarakan alam nyaksi kana kabeh jeung gorengna
alam. Dicaci, difitnah, dihina, dimaki osok manehna ngalawan, tapi maneh na mah
sok nembongkeun lalawannana, lamu batur ngewa manehna mah nyaah ka batur.
Sobar, tawekal, iman, takwa, itu semar! Welasan, nyaahan, deudeuhan, asihan,
silih asih, silih asuh. Semar tara mabok, semar tara judi, tara ngomongkeun
batur. Jadi Semar mah sok nembongkeunn jati dirina. Numawi sadayana anu linggih
di dieu ulah waka suka seuri mun can panggih jeung jati diri. Coba tingali, yeuh
pola pikir Semar kudu dipake ku urang Astina. Semar itu manusia nu keur nyumput
buni dinu caang negrak bari teu katembong”
Dorna : “Ah oposisi yeuh, hambatan yeuh.
Aya bahan relisti teu dibalikkeun deui jigana. Mangkaning geus katarima ti
luhur, yeh ieu teh kudu disatujuan ku sarerea.”
Citrayuda : “Geus, Karna Karna Karna! Anjeun ulah
ngaganggu kana kalancaran maksud tujuan raja.”
Karna : “Sanes ngaganggu..
Citrayuda : “ieu teh kaputusan raja.”
Karna : “Tiasa soteh kaputusan digugu,
lamun nyalametkeun bangsa, lamun nyilakakeun? Bakal leuwih ancur ieu nagara.
Ieu peraturan pamarentah nomer sabaraha?”
Dorna : “Pokona mah nomer bieu bae.”
Karna : “Wayahna kedah dicabut.”
Dorna : “Ieu geuning nu sok mimpin demo
teh. Oh ari nu demo teh asal dibere duit 50rebu teh daek bae. Teu ngarti
politik. Dasar jalma lapar mah kitu bae.”
Karna : “Hapunten kaula teu satuju.”
Dorna : “Lamun kitu carana, upami teu
satuju minggir! Ulah pipilueun kana urusan ieu.”
Karna : “Tapi kaula salaku warga negara
anu miboga tanggung jawab pikeun nyalametkeun bangsa. Mundur lain ngandung
harti kudu cicing, tapi usaha pikeun nolak kana maksud jeung tujuan ieu.”
Jayarata : “Karna!
Karna : “Kumaha?”
Jayarata : “Teu ngeunah aing, jiga
ngalecehkeun raja. Nganngap naon ka raja?”
Karna : “Sanes ngalecehkeun raja.”
(Karna ditenggeul ku Jayarta)
Dorna : “Eup... Eup... Eup...!”
Citrayuda : “Di urang mah dewan teh garelut,
kerdil kabeh ge, kerdil ngagunakeun fisik. Tukang beca eta mah. Parebut duit
saratus, preman lamun di parapatan di terminal pantes parebut duit gelut.”
Karna : “Pantes dina riungan kieu. Nu
kieu dijieu pejabat. Getas harupaten, hampang leungeun, gampang nenggeul.”
(Nunjuk-nunjuk Jayarata)
Jayarata : “Aing raja ti Wanakeling.”
Karna : “Emangna hak asasi kaula ek
diukur ku tungtung sapatu anjeun? Nenggeul ka kaula ngandung harti anjeun geus
kena HAM.”
Jayarata : “Pokona dina waktu ayeuna anjeun
kudu di kepung wakul singkahkeun di tempat.
Karna : “Rek kumaha anjeun?”
Jayarata : “Dipodaran.”
Karna : “Sakarepmu aku ladeni.”
(Karna jeung Jayarata gelut)
Aswatama : “Karna!”
Karna : “Kula.”
Aswatama : “Katempo ieu saha?”
Karna : “Aswatama, anjeun anu ngadon
leletak dinagara Astina.”
Aswatama : “Sarua jeung sia.”
Karna : “Jadi herder Duyudana.”
Aswatama : “Sarua jeung sia.”
Karna : “Keur Karna moal munafik,
kulantaran weureu seubeuh di nagara Astina. Salaku warga negara Astina geus
ditekadan komo kaula pejabat. Yeuh geus ditekadan tohpati jiwa, raga, nyawa
demi kasalametan bangsa nagara Astina. Teu kawas anjeun ngorbankeun batur
pikeun kapentingan sorangan.
Aswatama : “Aja keakehan bacot, Karna.”
Karna : “Ya!”
Aswatama : “paehan ku aing.”
(Karna jeung Aswatama gelut)
Citrayuda : “Dipuji ti baheula karna teu carekeun,
intrupsi! Ngajak gelut.”
Karna : “Na saha nu ngajak gelut?”
Citrayuda : “Sia! Tah soal gelut mah Citrayuda.
Make otak sia ku raja di pikanyaah, dipika asih tapi nu asih di pulang sengit,
goblog! Eta teh ngarana beunguet nyingareup atiana. Dijunjung harkat darajat
teh ku lancek aing. Naha ayeuna bet jadi oposisi?”
Karna : “Yeuh ari namina hukum adil teh
ulah cuet kanu hideung ulah ponteng kanu koneng. Teu ninian, teu akian, teu
anakan, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobatan nu salah mah ditungtut.
Sana raja di ieu nagara, tapi pada hakekatna tetep kadaulatan aya di lengen rakyat.
Sanajan Suyudana raja di ieu nagara, teu aya rakyat mah rek mimpin cucunguk
kitu?”
Citrayuda : “Goblog! ngalawan euy, ngalawan euy.
Karna!”
Karna : “Kula.”
Citrayuda : “Gelut sia jeung Citrayuda. Hahahaha
sok usik sia. Sanajan maneh karna kawentar ka janapia aing moal rek ngejat sia!
Huahhhh (nenggeul Karna) Karaos? Karaos?”
Karna : “Karasa da ditenggeul.”
Citrayuda : “Sumuhun.” Hayah hayah!
Delapan pukulan masuk
belum terbalas. Kenapa?”
Karna : “Naha tenggeulan teh meni ka
tiis kitu.”
Citrayuda : “Belum... belum... sekarang dipukul
lusa lu bakal utah getih, muntah darah lu dua hari lagi.”
Karna : “Tobat...” Hiaaah “Punah jigana
ku hiji oge.”
Citrayuda : “Naon euy? Naon euy? Dedengean teh
punah?”
Karna : “Punah ku hiji ge.”
Citrayuda : “Euweuh... euweuh... maenya dalapan
punah ku hiji?”
Karna : “Dalapan teu kerel-kerel, tapi
hiji namru.”
Citrayuda : “Sanajan namru menang keneh dalapan.
Loba keneh dalapan tibatan hiji, hah! Sanajan maneh pinter waraka tenger, bisa
ora ketara, punjulia papak, aing moal rek ngejat satunjang oge. Moal mundur ku
sasiku, moal ngejat satunjang beas. Euwweuh tidituna aing kudu eleh ku sia.
Hayang nyaho kumaha sok?”
(Ti tukangeun Citrayuda datang Alo,
nitah kabur ka Dipati Karna ku isyarat leungeun. Citrayuda teu nyadar yen di
tukangeunna aaya alo).
Citrayuda : “Hahahaha Karna lari takut ma gua
hahahaha. Heudeuh...”
Alo : “Kaciri euy pajabat Astina
kerdilna kaciri... paingan nagara pinuh ku bancang pakewuh hese rek aya
kamajuan. Ieu adi raja pejabat otak dikamanakeun euy... teu pantes otak nepi ka
jiga jiger ieu euy...”
Citrayuda : “Naon eta teh? Radio kitu? Maenya nu
maen bola meureun. Naon nya?”
Alo : “Juragan Dipati Karna gusti
Awangga teh yeuh... hade wawani pikeun kamajuan nagara Astina jeung rakyatna.
Naha der ayeuna kalah diharurup? Hahaha otak atuh euy , otak! Silaing teh da
pajabat atuh!
Citrayuda : “naon eta teh nu pasea kitu? Dimana
eta teh nya?”
Alo : “Ieuh.... sieun soteh ku
silaing di hareupeun mah, bagi rakyat mah moal aya bener. Tapi silaing salah
tetep dipindingan. Rakyat mah salah saeutik ge dihukum digonjang-ganjing,
deuleu.”
Citrayuda : “Nu demo meureun.”
Alo : “Tapi jeung aing pagawean
aing di pabrik ge dipecat, di PHK. Parabaneun loba, pamajikan aing geus kolot.
Naon anu dipikamelang ku aing, masing modar ge ayeuna demi nagara jeung bangsa
sia arek ribut jeung aing. Sok sia!” (Alo neunggeul Citrayuda ti tukangeun)
Citrayuda : “Euleuh... euleuh... euleuh... aya
petir di siang hari. Aya pangpung kana hulu.” (Citrayuda malik ka tukang) “Aya
naon? Penampakan meni sagede kieu. Euleuh ieu kolir ikat teh.”
Alo : “Geus nu lain-lain sia
ngahina ka rakyat teh.”
Citrayuda : “Yang mukul kana hulu aing saha?”
Alo : “Aing sendiri... aing
sendiri...”
Citrayuda : “Oh sia jadi nu mukul kana kepala gue
teh elu?”
Alo : “Ya aing sendiri.”
Citrayuda : “Apa alasannya?”
Alo : “Kalau kamu dendam dimana
saja aku tidak akan lari dari depan ini.”
Citrayuda : “Mukanya sama dengan saya yah?”
Alo : “Tah ieu sia nyieun
kaonaran. Sia balik ke ka Astina, ek ngambing hitamkeun aing, modar!” (Neunggeul
Citrayuda)
Citrayuda : “Walah... eta si goblog.”
--0--
Dorna : “Cing tewak kadieu, ampun teuing
tewako anger.”
Durgaladenta : “Karna! Jeung aing sia gelut.”
(Karna
jeung Durgaladenta gelut, Karna babak belur ku Durgaladenta di buntang banting,
tuluy dialungkeun.)
Dorna : “Nah... cocok anger cocok. Wah
kumelayang di awang. Pasti di laut ragragna.”
Durgaladenta : “Nya mudah-mudahan...”
Dorna “Di leuweuh. Diakan maung atuh.
Kumaha nger? Wayahna wae nger, pang ngalakeun utek Semar.”
Durgaladenta : “Mangga sing percanten ka kaula.”
Dorna : “Hayu!”
Banglus lampahi pun
Dipati Karna kumelayang di geganda wiyati, di punbalang ku ieu Durgaladenta.
Kacarios satengahing marga sopana marga iku
jalan, sopana alas pinggangdingacala. Aya makhluk luluncatan ti kai ka
kai, ti dahan ka dahan, cukrah cekroh, rundat rindat, maklum lampah monyet nyaeta
monyet bodas Hanoman Perbancana Suta anu nuju ngalanglangbuana. Sapa medale
Hanoman Perbancana Suta tindap genteng anipun wardan karya.
Alo : “Aya naon sepuh?”
Hanoman : “Kieu geuning ayeuna mah alam teh?”
Alo : “Sumuhun alam dunya teh
kiwari kieu geuning ayeuna mah sepuh.”
Hanoman : “Da baheula mah leuweung teh meni
gerotan, kanca... picung, kadu, nangka, cereme jeung malaka, geredog. Rembey
kubewengen rambay ku alaeun. Tapi bet ayeuna purutul. Jeung baheula mah ieu
leuweung teh teu dijaga ararawet saprak dijaga barareak.”
Alo : “Na kumaha eta teh kulan?
Ari dijaga utuh teu dijaga utuh, dijaga beak?”
Hanoman : “Enya ieu oikeun ngabuktikeun
ayat-ayat pangeran, kanca... yen ieu ruksakna alam dunya teh ku
leungeun-leungeun jalma.”
Alo : “Ku polah-polah jalmi tah.”
Hanoman : “Tapi parendene kitu urang mah
genteng-genteng ulah potong.”
Alo : “Sumuhun.”
Hanoman : “Keun bae salamet jeung cilakana jalma
mah gumantung kana amal perbuatanna, nya kanca...”
Alo : “ih... Kankenan-kankenan.”
Hanoman : “Ratu tara ngahukum, pamarentah tara
myiksa anging lampah anu bakal jadi hakimna diri. Melak hade buah hade, melak
goreng buah goreng.”
Alo : “Tah sepuh.”
Hanoman : “Jelema, jelema pang ruksak dunya.”
Alo : “Oh leres.”
Wirikitit
Hanoman Perbancana Suta, ngalaga satengahing alas pringandinga cala.
Hanoman : (Cekrah-cekroh) “Biasana mah ari aing
ngabereweh daratang monyet, euweu hiji-hiji acan ieu mah aya ge lutung geus
kolot tuh keur ngarebab. Jagjag soteh lempang ka cisewu, kancaa...”
Alo : “Kula.”
Hanoman : “Alam ayeuna lain alam baheula.
Baheula mah cai cur cor, nu harerang eta silih udagna tampele jeung beunteur,
diharep dipegat ku keuyeup, puguh bae beunteur reuwas, lumpat ka sisi ka sampak
bogo, engkang-engkang. Kadu picung, kupa nangka, cerme, geredog jeung malaka
teh meni rarantuy, rarambay ku alaeun tea. Tapi dina danget ayeuna nepi ka
purutul kieu, boa budak kaharep moal nyahoeun naon ari kukuh, naon ari benguk.
Benguk leungit nu bengek loba, geredog euweuh ayeuna cingarudag silih udag. Tobat...
ieu alam hejo lemok dangdaunan, rajegna tatangkalan, cur cor cai nu harerang
teh teu aya, ngan ukur dina ucapan wungkul. Endah teh ngan ukur dina carita
tapi kanyataanna gunung gundul, pasir bulistir, nya kanca...”
Alo : “Sumuhun.”
Hanoman : “Eta cai di kota pinuh ku limbah. Rek
disebut iman kumaha, alam geus embung deui bersahabat jeung urang. Euleuh
ampun.”
Pinasti kersayang diumpampara. Barang Hanoman Perbancana
Suta nuju ngalamun nyaeta prihatin ningali alam.
Hanoman : “Naon ieu teh kaayaan teh geuning
kieu?”
Karna nu dibalangkeun ti Astina teh ragrag payuneun Hanoman
Perbancana Suta, kaget denira, kaget kagiri-giri.
Hanoman : “Tuh itu aya jelema ragrag, nya da
ayeuna mah beda, bahela mah nu ragrag teh kadu atawa nangka, ayeuna mah jalma.
Eleuh.... ieu pakeanna pejabat yeuh. Moal kitu ieu tukang korupsi ieu? Atawa meureun
aya anu ngahianat, kanca. Da geus murah geuningan ayeuna mah nyawa jelema teh,
kanca... Padahal aduh eta dina katerangan-katerangan ungggal kiayi, unggal
ajengan nepi-nepikeun nepi ka teu di denge.”
Alo : “Hare-hare nya?”
Hanoman : “Aya hukum kisos mangkaning, satiap
urang maehan pasti bakal aya anu maehan deui.
Alo : “Geuning aya nu maehan teu
ka panggih.”
Hanoman : “Ceuk saha? Ceuk saha? Ceuk saha?”
Alo : “Aya si Harun maehan si
Juned geuning teu kapanggih?”
Hanoman : “Ulah kitu geuning dina rukun iman aya
percaya kana poe akhir. Kabeh pagawean bakal aya akhirna, kanca. Ceunah ayeuna
urang maehan batur teu kapanggih ngenanh-ngenah wong tua. Darma wiwitan. Wong
nong darma lakoni. Sing saha kolot anu nyieun kagorengan, anak incu anu bakal
tigubrag kan jurang katunggaraan. Urang teu kapanggih ayeuna, anak incu urang
bakal aya anu maehan. Nu matak kaula kudu mehan jalma mah teu hayang teuing!
Ceuk haji udung.” (Hanoman mariksa nafas Karna) “Masih ada napasnya. Masih ada
npasnya empes-empesan, cik manawi ieu mah manawi, manawi ieu jalmi teu can pastina,
manawi aya pitulung pangeran da kaula oge ukur meredih. Kana asihna Gusti,
menta kana murahnana nu kagungan, deudeuheus kana kodrat irodat anjeunna, kana
pitulung anjeunna, kana ijin anjeunna. Muga-muga ieu jalmi dikersakeun teu
sakara-kara damang bae sapertos bahara bahari, nyanggakeun kanu ngaping
ngajaringna, singkahkeun kanyerina, datangkeun cageurna. Inget aing ari keur
dimandian ku kolot baheula, yu urang cuang bong-bong – bong-bong ceunah.
Bongbong teh hartina teh kosong. Kosongkeun jiwa maneh dina sirik, picik, jail,
kaniaya, bari dibanjur teh geuningan singkahkeun nu bedegongna, datangkeun nu solehna,
jauhkeun basangkalna, deukeutkeun rejekina. Kitu geuning kolot baheula nya? Tapi
aya deui dimandian-dimandian, dijampean-dijampean, baongna mah kalah nataku. Kalah
ka beuki jadi bangsat. Euu... waras tumekaning jati. Jati tumekaning wqaras. Damang.
Hanoman Perbancana Suta diijabah sapaneja, ieu Adipati
Karna damang teu sakara-kara lilir ya merbangun wanten sare ngalinduran, kaya
ngimpen sare sakedap.
(Dipati Karna teu apal di tukangeun
anjeunna aya Hanoman)
Karna : “Eh... dimana kula ieu bet aya
di leuweung? Haduh...” (Barang malik ningali Hanoman) “Aaaaa....” (Reuwas)
Hanoman : “ Hey... hey... hey... heh! Kadieu
kasep moal nanaon, nyap kadieu. Kadieu jalu, kadieu bageur! Kaula titadi
meredih ka asihna gusti, menta kana murahna nu kawasa supaya cageur deui
geuning diijabah. Yap kadieu kasep! Yap kadieu jalma.”
Karna : “E... aya monyet bisa ngomong.”
Hanoman : “Mangga mangga kadieu sakedap.”
Karna : “Euh... Gusti ieu tanda-tanda kaangungan
pangeran. Dimana wae keur kumaha wae teu weleh nyarengan welas asihna. Beu... heh...
Ki Manahong.”
Hanoman : “Muhun Ki Silah. Saha pangjenengan
teh? Menak?”
Karna : “Eta basa. Jelema jarang nu
kieu. Upami dipercanten ngaran kaula teh Karna.”
Hanoman : “Saha menak?”
Karna : “Karna.”
Hanoman : “Teu aya terasna? Sugan Karna Sutisna
kitu?”
Karna : “Henteu.”
Hanoman : “Atanapi Karnadi. Henteu Karna
wungkul. Karna...”
Karna :
“Leres.”
Hanoman : “Hihihi... timana menak?”
Karna : “Kaula teh ti Awangga.”
Hanoman : “Oh... nagara Awangga?”
Karna : “Teu pindo.”
Hanoman : “Leres. Ke kasep, hakim netepkeun naon
rupa hal kajadian teu bisa jadi tanpa sabab. Naon margina geuningan ti luhur
ragrag teh? Naha ieu teh teu kacandak angin atanapi aya anu ngaroga hala.”
Karna : “Oh... kaula teh saleresna mah
rengse ogoh begalan pati.”
Hanoman : “Mung eleh panginten?”
Karna : “Eleh dialungkeun.”
Hanoman : “Alus rumasaan ieu jalma teh. Da
biasana mah najan eleh ge tetep bae ngaku meunang. Nu sombong mah. Patelak
sareng saha menak?”
Karna : “Jeung hiji buta.”
Hanoman :
“Buta?”
Karna : “Sakti mandraguna eta buta teh
kapercayaan raja Astina kakasihna teh Durgaladenta.”
Hanoman :
“Tahtahta, hihhihihihi... kukupingan teh sakti mandraguna.”
Karna : “Sakti eta buta teh, ayeuna teh
eta buta jadi kapercayaan Prabu Astina Suyudana.”
Hanoman :
“Oh jadi herder raja Astina?”
Karna : “Teu pindo.”
Hanoman : “Em...”
Karna : “Ke dupi salira teh saha ieu
teh? Naha ieu teh makhluk monyetsalira teh?”
Hanoman : “Leres, monyet da nu kieu mah. Da
sanes oplet kaula mah.”
Karna : “Hehehe...”
Hanoman :
“Teu kedah seuri, sanes-sanes bajay. Bajay Bajuri.”
Karna : “Salira teh monyet?”
Hanoman :
“Monyet.”
Karna :
“Tiasa sasauran?”
Hanoman :
“Nya diajar wae.”
Karna :
“Timana? Atuh?”
Hanoman :
“Kaula teh ti dinya ti palih tonggoh. Ti leuweung Kenalisada.”
Karna :
“Leuweung Kenalisada?”
Hanoman :
“Nya.”
Karna :
“Bade kamana?”
Hanoman :
“Ah biasa bae nuju ngatrok, aden. Luntang-lantung ningali kaendahan alam.”
Karna :
“Leres”
Hanoman : “Kitu bae ngitung lembur
milangan kori, henteu puguh dijugjug.”
Karna :
“Balik deui atuh.”
Hanoman :
“Sumuhun kieu bae bulak-balik.”
Karna :
“Bade angkat kamana salira teh?”
Hanoman :
“Ari tadina mah kaula teh bade ka Irak.
Karna : “Bade ka Irak?”
Hanoman : “Pikir-pikir dulur teu boga, nu wawuh
euweuh. Ah mening teu tulus, di dieu wae cicing.”
Karna : “Kawa nu lieur
monyet teh?”
Hanoman :
“Hihihi...”
Karna :
“Kakasihna teh?”
Hanoman : “Ngaran kaula teh?”
Karna :
“Margi nya kitu, satiap dat, sifat, asma sareng af’al. Satiap dat eta aya
sifat, asma jeung af’al.”
Hanoman : “Jero ieu budak teh.
Sakolaan yeuh, pasantrenan yeuh. Da kaula ge kapungkur kantos ari masantren
mah. Kitu sanaos monyet ge. Diajar, sok tadarusan, maca Qur’an, hadist, kitab
kuning, diajar sorof.”
Karna :
“Sorof teh kumaha?”
Hanoman :
“Aya patokannana pan sorof teh.”
Karna :
“Kumaha?”
Hanoman : “Fa ‘ala yaf’ulu, fa’ala
yaf’ulu fa’lan fahuwa faa’ilun. Eta teh patokannana eta teh. Tah dalang. Dalang
teh eta teh lamun ku elmu sorof mah beunang, ngan kulantaran dina basa arab mah
euweuh ng”
Karna :
“Oh teu aya?”
Hanoman : “Teu aya. Aya ge dala, dala yadulu.
Dala yadulu, dala yadulu dilalatan fahuwa da’lun.”
--0--
Banglus lampahi pun ieu
Bambang Suta Pawana atanapi Bayu Suta Pawana kacarioskeun di kampung nyingkur
sisi gunung anu kasebat Kampung Tumaritis, Desa Tegal Gorowong, Kacamatan Tegal
Buleud. Nyaeta padumukan Semar Badranaya.
Durgaladenta : “Semar... sampurasun.”
Semar : “Saha?”
Durgaladenta : “Kaula rek nyemah.”
Semar : “Yap kadieu. Jang aya tamu
bangsa naon itu aya anak?”
(Cepot datang)
Cepot :
“Sembah kapihatur kaunjup panjenengan.”
Semar : “Aih... ditarima,
jang.”
Cepot : (Bari sungkem) “Ngakuntit ti
leuleutik, nutur-nutur ti bubudak, ngapra kamana-mana ti bubudak sareng bapa
teh bilih kasinggung kolbu, bilih kagores hate, bilih kabetrik ati kanu jadi
anak. Ku simkuring muga pangjenengan ngahapunten ka putra. Margi abdi nimu
katerangan. Gusti... moal rek ngahampura ka simkuring, tanpa simkuring menang
hampura ti indung jeung ti bapa. Aku berlindung kepada Allah dari godaan setan
yang terkutuk. Semoga bapa memaafkan kesalahan ananada, semoga Tuhan Yang Maha
Esa memberkatiku dan melindungi kita semua. Tuh! Jadi sagala rupa hirup
pasualan di dunya jang sabadana Gusti netelakeun moal ngahampura ka eta jalma.
Upama eta jalma teu meunang hampura ti indung bapana nya, jang. Naon sabab dina
beh dieu jalma hirup nu di alam dunya nya, cu. Atuh ua teh hepangan.”
Semar : “Naha sia teh ngalelewe aing?”
Cepot : “Hehehehehehe...”
Semar : (neunggeul cepot)
Cepot :
“Euleuh ampun... Aya tamu nya, pa?”
Semar : “Heueh.”
Cepot : “Linggih!”
Dawala : “Aya tamu bapa?”
Semar : “Heueh.”
Dawala : “Linggih!”
Durgaladenta : “Nya.” (Datang nyamper) “Lembur naon ieu teh
mani genah-genah teuing di tempat ieu.”
Semar : “Karang nunggal ieu teh.”
Durgaladenta : “Euleuh ulah kaget kadatangan kaula.”
Semar : “Aih... sawios, mangga mangga
mangga.”
Durgaladenta
kapercantenan suyudana sampuntumugi dateng ngarsa.
Durgaladenta : “Kulirahangan dika hahahahahaha...”
Cepot : “Haruh... naon eta tina tikorona
teh euy?”
Dawala : “Ah tanyakeun wae!”
Cepot : “Kolecer bedog sigana mah
hihihi...”
Durgaladenta : “Ke bade tumaros dupi kampung tumaritis teh
leres ieu bapa?”
Semar : “Sumuhun.”
Durgaladenta : “Leres?”
Semar : “Sumuhun.”
Durgaladenta : “Nuhun atuh. Dupi salira teh saha ngaranna?”
Semar : “Upami dipercanten mah simkuring
teh Ki Sabda Palon.”
Durgaladenta :
“Ki Sabda Palon?”
Semar :
“Leres. Atanapi Semar.”
Durgaladenta :
“Saha? Semar?”
Semar :
“Sumuhun.”
Durgaladenta :
“ Ari eta nu tukang?”
Semar :
“Pun anak ieu teh.”
Cepot : “Abdi Komar.”
Semar : “Cepot sanes Komar, naha sia
teh?”
Durgaladenta :
“Ari itu nu tukang?”
Dawala : “Abdi Parto.”
Cepot : “Hihihihi... haduh...”
Dawala : “Anu sok dina bala-bala.”
Cepot : “Lain dina laba-laba, ngelaba.
Sia teh jeh... jual kitu pestol teh.”
Durgaladenta :
“Bener ieu teh Semar Semar?”
Semar :
“Sumuhun.”
Durgaladenta :
“Hahaha, enggeus panggih enggeus panggih ngaran Semar eta geus panggih eta
ngaran Semar enggeus panggih rrrrrrr...”
Cepot : “Euleuh... naha euy? Kawas nu
atoh papanggih jeung bapa dewek. Boa rek nagih hutang. Boga hutang teu? Sugan
nginjem duit ka bangkrut.
Dawala : “Naha sapertos nu
atoh. Pendak sareng pun bapa teh?”
Durgaladenta :
“Ih lain atoh deui.”
Cepot : “Bogoheun meureun.”
Semar :
“Euleuh... maksadna naon?”
Cepot : “Atanapi bade dudukunan. Pan ieu
teh paranormal. Tuh... geuning di panto lambangna ge Semar. Ngan... boga hutang
teu mayar.”
Durgaladenta : “Itu ieu teh.”
Semar : “Sumuhun.”
Durgaladenta : “Saleresna mah lain atoh deui kaula teh,
neangan ti tatadi nananyakeun mah nananyakeun ka jelema. Geuning sohor maneh
teh mar? Teu bireuk tuh ka ditu ka dinya ka parapatan ngetan bras bae ka dinya.”
Semar : “Maksadna?”
durgaladenta : “Oh kieu mar sabenerna mah.”
Semar : “Sumuhun.”
Durgaladenta : “Kaula teh boga nagara ngan eta nagara teh dina
waktu ayeuna teh keur ka serang ku rupa-rupa kajadian, bancang pakewuh
harengheng ku dedengean.”
Semar : “Leres?”
Cepot : “Nya ceuk dewek ge rek dudukun.”
Dawala :
“Menta ubar meureun.”
Cepot :
“Matih tuda bapa dewek mah euy. Kamari ge aya nu gering utah getih menta
dimandian ku bapa, ari dimandian isukan maot.”
Semar :
“Nya ieu mah anak-anakan.”
Cepot : “Tah ti dinya nyebar, kasohorna
mah tah.”
Dawala : “Nu gering bersin kamari tatama ka
bapa teh nya.”
Cepot : “Naon gering bersin tatama?
Lain... jalma bersin di dieu.”
Dawala : “Maksudna mah lain eta.”
Cepot : “Hhhh... aing... ah! Teu
ngalalarti teuing sia. Kudu terarah lamun ngabodor. Teu puguh judul sia teh.
Puguh nyaritakeun nu bersin.”
Durgaladenta :
“Dah... menang beja ti nu beunang dipercaya.”
Semar : “Sumuhun.”
Durgaladenta : “Bisa waluya nagara bahara bahari.
Semar : “Sumuhun.”
Durgaladenta : “Asal... di alun-alun eta nagara teh kudu
ngaruang utek jalma.”
Cepot : “Waduh... ngaruang otek jalma.”
Durgaladenta : “Teu salah.”
Cepot : “Utek naon?”
Dawala : “Boa utek cepot.”
Cepot : “Disikat sia ku aing. Lu bicara
macem-macem lu? Emangnya gua itu kepala sapi? Atawa kepala marmot?”
Durgaladenta : “Tah kitu.”
Semar : “Utek jelema?”
Durgaladenta : “leres.”
Semar : “Kudu diruang?”
Durgaladenta : “Nya... tapi teu sakawayah jalma.”
Semar : “Saha?”
Durgaladenta : “Anu kapenta teh utek Semar
Badranaya.”
Semar :
“Euleuh euleuh euleuh aya anak”
Cepot : “Acan... cicing wae atuh, tong
waka ngoceak.”
Durgaladenta :
“Tah kitu pan. Jadi wayahna bae kaula dongkap kadieu teh hayang sabaraha juta
digantian? Ku kaula pikeun turunan anjeun, tujuh paturunan moal beak asal eta
utek keur kaula. Wayahna rek dibongkar ayeuna.”
Semar : “Euleuh, aya anak.”
Cepot : “Naha? Pira utek, karige
bikeun.”
Dawala : “Nya ganti bae bapa mah ku kueh.”
Semar : “Kawas nu lieur sia teh.”
Cepot : “Mengker, bapana mengker.”
Semar :
“Da simkuring teh aya nu boga. Tah ieu nyanggakeun bae ka pun anak sagala rupana.
Diajar dewasa jang.” (Semar indit ka tukang)
Dawala : “Sok ngomong, bisa?”
Cepot :
“Ari dina seuseuhanna mah, aing bisa.”
Durgaladenta :
“Hihihihi.... maneh teh anakna nya?”
Cepot : “Muhun.”
Durgaladenta : “Bener?”
Cepot : “Bener.”
Durgaladenta :
“Ngaranna cepotnya?”
Cepot :
“Cepot.”
Durgaladenta : “Kira-kirana eta utek bapa maneh
rek dibikeun moal?”
Cepot : “Utek bapa urang? Bae.”
Durgaladenta : “Heueuh dibikeun?”
Cepot : “Heug... pirage nu kitu.”
Dawala : “Nya si doraka mah kitu da.”
Cepot : “Cicing da aya maksudna sagala
rupa oge.”
Durgaladenta : “Jadi kumaneh dibikeun eta otak?”
Cepot : “Sumuhun, mung abdi teh ieu teh
aya kaprihatinan.”
Durgaladenta :
“Digantian hayang sabaraha juta duit?”
Cepot :
“Ieu teh moal tiasa digentosan ku artos.”
Durgaladenta :
“Kumaha?”
Cepot : “Sim kuring teh melak puteuy.”
Durgaladenta : “Heueuh.”
Cepot : “Eta peuteuy teh nepi ayeuna
unggal pendulan murag bae jeung hileudan bae jeung kolopetong bae kabeh.”
Durgaladenta : “Peuteuy teh?”
Cepot : “Tah kitu.”
Durgaladenta : “Heueuh.”
Cepot : “Hanas abdi teh babturan
dikumpulkeun ngala peuteuy. Ai pek datang ka kebon peuteuy hiji bae geus
garing. Kitu meni era abdi ku babaturan. Nya kapaksa abdi teh api-api teu eling
di garotong ka Rumah Sakit kitu.”
Durgaladenta : “Hahaha terus?”
Cepot :
“Tah abdi teh tatanya ka ditu jeung ka dieu. Nya bisa ceunah peuteuy maneh
bakal buahan leubeut tur ngahasilkeun.”
Durgaladenta : “Eta peuteuy teh, tapi...”
Cepot :
“Tapi, ieu teh wayahna dihandapeun akar peuteuy teh kudu nunda otak buta.”
Durgaladenta : “Kudu nunda otak buta?”
Cepot : “Otak raksasa. Enteng pan?”
Durgaladenta : “Buta naon nu ku maneh dipenta? Naha buta
tayan? Naha buta maga? Hah?”
Cepot : “Pokona mah buta bae, buta nu
torogan.”
Durgaladenta : “Buta nu torogan kumaha?”
Cepot :
“Buta nu teu gableg pucus, buta pikasebeleun, buta pikageuleuheun, ngomongna
sok kumaha karep, teu pikahartieun batur, pikapusingeun batur, ari ngomong
butana hayang menang sorangan, gede hulu, nya lamun aya kahayang teh ti
totorosol dibelaan siku kiri siku kanan.”
Durgaladenta : “Hahaha... urang mana butana?”
Cepot : “Ari butana mah tos aya di
dieu.”
Durgaladenta : “Oh, sok atuh ku urang pang newakkeun.”
Cepot :
“Daek?”
Durgaladenta : “Cing tuduhkeun butana mana?”
Cepot : “Da nembe teh palih ditu, palih
ditu tadi teh.”
Durgaladenta : “Ari ayeuna?”
Cepot : “Ari ayeuna mah pindah.”
Durgaladenta : “Kamana?”
Cepot : “Eta.”
Durgaladenta : “Goblog sia!”
Cepot : “Naha make nenggel?”
Durgaladenta : “Aing dipenta otak?”
Cepot : “Heueh!”
Durgaladenta : “Kurang hajar sia! Atuh modar meureun aing.”
Cepot : “Ambek?”
Durgaladenta : “Ambek.”
Cepot :
“Tah sarua dewek oge kitu. Sarua da euweuh bedana atuh. Ente dengan saya itu
sama kan? Kalo makan garem gimana?”
Durgaladenta : “Ya asin.”
Cepot : “Saya juga asin, sama kan? Kalo
makan gula?”
Durgaladenta : “Ya manis.”
Cepot : “Saya juga manis, tidak pait.
Tuh... kalo tidak makan tiga hari apa namanya?”
Durgaladenta : “Lapar.”
Cepot : “Saya juga lapar. Biarpun ente
dengan saya beda di mata, tapi ada yang sama. Di hadapan Allah semua sama.
Rekep, dendeng, papak, sarua. Tidak dibeda-beda rasama, tidak ada perbedaanna
mandang ka diri batur teh sing saperti mandang diri sorangan. Di dinya geus
ngudag elmu kamanusiaan acan?”
Durgaladenta : “Naon aing mah teu nyaho elmu nu kitu.”
Cepot : “Nah belajar dong! Belajar
dikit-dikit! Di negara saya, negara Amarta satu-satunya negara yang punya
Falsafah negara Amarta yaitu lambang keagungan nagara namanya Layang Jamus
Kalimusada. Lambang ini bukan hanya teori, tidak ditaro, tidak dibikin papaes,
teu ditunta dina etalase, jadi papaes wungkul, jadi teori wungkul tapi wong
Amarta dengan kenyataan. Disitu ada Ketuhanan Yang Maha Esa, Disitu ada
Kemanusiaan, Disitu ada Peri kemanusiaan. Bukan hanya teori. Lamun di dinya teu
ngeunah rek kumaha ayeuna?”
Durgaladenta : “Ku aing podaran.”
`Cepot : “Nah tong ngareptkeun, da teu
dipodaran ku silaing oge dewek mah bakal modar.”
Durgaladenta : “Emangnya lu kaga takut sama gue ini? Gue
kan besar.”
Cepot : “Tidak takut besar, masih besar
kekuasaan Tuhan daripada kamu.”
Durgaladenta : “Tidak takut mati?”
Cepot : “Tidak, karena akhirnya yang iman, yang tidak
iman, yang kurang ajar, yang bagus amalnya semua mati. Betul?”
Durgaladenta
: “Heueuh.”
Cepot : “Tah sekarang gimana?”
Durgaladenta : “Saya membawa pasukan.”
Cepot : “Silahkan pasukanmu datang kesini. Saya tidak
akan lari sampai mati membela orang tuaku.”
Durgaladenta : “Kurang ajar sia!”
Cepot : “Memang saya dari
dulu juga kurang ajar. Coba saya minta diajarkan oleh kamu sampai dimana?”
Durgaladenta : “Di luar.”
Cepot : “Oke, hihihi...”
(Di
luar)
Dawala : “Enya balad-baladna
loba, ah sing kade ati-ati!”
(Cepot
jeung Dawala gelut jeung balad-baladna Durgaladenta)
--0--
Bayu Suta Pawana : “Eh... denawa!”
Durgaladenta : “Saha?”
Bayu Suta Pawana : “Dagoan kurang ajar!”
Aya hiji nomoman anu kakasih Bayu Suta
Pawana sampundem gedateng ngarsa.
Bayu
Suta Pawana : “Mang cepot... Mang
Dewala... hapunten ieu udagan kaula. Sampurasun Denawa.”
Durgaladenta : “Ieu aya budak kasep ieu, sapahanera
wong bagus?”
Bayu
Suta Pawana : “Bayu Suta Pawana.”
Durgaladenta : “Euleuh euleuh...”
Cepot : “Aya budak ngora
euleuh...”
Alo : “Anu bade
ngaharepan Durgaladenta.”
Cepot : “Saha ieu?”
Alo : “Duka atuh.”
Cepot : “Saha nya?”
Bayu
Suta Pawana : “Calik heula, calik
heula.”
Durgaladenta : “Hahaha... aya satria mencenges
kasep.”
Cepot : “Ngenalkeun pun
adi.”
Bayu
Suta Pawana : “Nembe tepang urang mang
cepot.”
Cepot : “Nembe pisan, jeung
saha ieu teh?”
Bayu
Suta Pawana : “Ngaran kaula teh Bayu
Suta Pawana.”
Cepot : “Bayu Suta Pawana?”
Bayu
Suta Pawana : “Hmm...”
Cepot : “Punten heh diaku
adi ku abdi.”
Bayu
Suta Pawana : “Ih sawios, nuhun wae
ari diangken mah.”
Cepot : “Muhun bilih aden
gengsi gaduh lanceuk goreng patut.”
Bayu
Suta Pawana : “Aya nu kitu. Adina
beunghar lanceukna sangsara aya, aya lanceukna goreng patut adina kasep aya.”
Cepot : “Aya lanceukna
goreng patut adina goreng patut/”
Alo : “Eta mah
turunanna goreng patut.”
Cepot : “Tapi da ari bapana
mah goreng patut teuing. Ngan akina meureun anu goreng patut.”
Durgaladenta : “Nya tatanggana goreng donges
deui.”
Bayu
Suta Pawana : “Enggeus atuh enggeuas
naha ieu teh.” (tuluy nitah ka Cepot) “Salametkeun bapa maneh bisi aya
batur-baturna nyulik ngabogohan.”
Cepot : “Atos ku si Dawala
dijaga.”
Durgaladenta :
“Bayu Suta Pawana haladera.”
Bayu
Suta Pawana : “Teu salira.”
Durgaladenta : “Timana?”
Bayu
Suta Pawana : “Entong make jeung
nyaritakeun timana, sok urang perang.”
Durgaladenta : “Bayu Suta Pawana, naon?”
Bayu
Suta Pawana : “Lamun anjeun ngaganggu
Semar jeung kulawarga dina harti nantang kaula.”
Cepot : “Nya ieu pembela
kaum lemah teh euy. Satria Piningit meureun.”
Durgaladenta : “Apakon wani mere ngaku satria?”
Bayu
Suta Pawana : “Ora wani beningpaku
lana duel lanang.”
Cepot : “Pada-pada lenang
sugan ieu nya?”
Bayu
Suta Pawana : “Lain lenang, lanang...
naha ieu teh jalma teh.”
Durgaladenta : “Bener. Hayu mauju!”
Cepot : “Keun raden, berat
nyuhun berat nanggung berat taimakeunnana ka aden, abdi anu keur sakieu tagiwur
susahna ayeuna sumping aden jadi pitulung ieu teh. Seneng duren?”
Bayu
Suta Pawana : “Osok.”
Cepot : “Abdi ge sarua. Tapi
engke upami kadieu nyandak.”
Durgaladenta : “Nyingkah sia kaditu.”
(Bayu
Suta Pawana jeung durgaladenta gelut)
Durgaladenta : “Hebat deueleu ieu jalma.
Rasakan sia elmu aing ieu Panca Soneng.”
Pinasti
Kersayang Tomampara ieu satria di jamak jadi Hanoman Perbasana Suta.
Dawala : “Euleuh... bet jadi
Hanoman, Hanoman...!”
Hanoman : “Oh Dawala tenang.”
Cepot : “Euleuh jadi monyet
itu.”
(Hanoman
neruskeun gelut jeung Durgaladenta)
Durgaladenta : “Walah... geuning maneh
Hanoman,”
Hanoman : “Rek lumpat kamana sia
goblog!”
Pinasti Kersayang Tomampara ieu Denawa dijamak
ieu ku kuatan Hanoman jadi sukma akmana Dasamuka anu ngulayaban.
Hanoman : “Beunang sia, rek lumpat kamana?”
Durgaladenta : “Tulungan... ampun Hanoman, anpun Hanoman.”
Hanoman : “Modar sia.”
Cepot : “Jago-jago baheula
geuning euy maruncul deui, jago-jago baheula mudah-mudahan bae ku jalan ieu
atuh nya euy sing salamet nagara jeung bangsana.”
--0--
Tidak ada komentar:
Posting Komentar